بسم الله الرحمن الرحيم
Ngawitan ingsun kalawan nyebut jenengan Allah kang maparin ni’mat
cilik ing dalem dunya tur kang maparin ni’mat agung ing dalem akherat belak.
§ tarkib
§ (Ba) huruf jer (ismi)
majrur kudu jer alamat jer_na kasroh zhohir sajumlah jer majrur ta’aluq_na
kana fi’il fa’il anu dibuang taqdir_na ay abtadiu’ bismillahi (ay)
huruf tafsir (abtadiu’)
kalimah fi’il mudhore henteu kaparentah kudu rofa’ alamat rofa’_na
dhommah zhohir fa’il na dhomr ana
§ (Ba) huruf jer (ismi) mudhof (allahi) ismun karim mudhofun ilaih kudu jer alamat jerna kasroh
zhohir,
§ (arrohmani)
jadi sifat awwal
tina lafazh
allahi , ari
sifat eta kudu anut kana maushuf ‘alaih_na, samangsa-mangsa maushuf
‘alaih_na jer sifatna oge kudu jer alamat jer_na kasroh zhohir,
§ (arrohimi)
jadi sifat tsani
tina lafazh
allahi ari sifat eta kudu anut
kana maushuf ‘alaih_na, samangsa-mangsa maushuf ‘alaih_na jer
sifatna oge kudu jer alamat jer_na kasroh zhohir,
§ Ari pelenggeran sifat
hakeki eta meunang syarat opat tina sapuluh,
§ Kahiji meunang ifrod ngabuang
tatsniyyah jeung jama’ menunang syarat hiji
tinu tilu,
§ Kadua meunang jer ngabuang rofa’ jenung nashob
meunang syarat dua tinu lima,
§ Katilu meunang ta’rif ngabuang tankir meunang syarat
tilu tinu dalapan,
Kaopat meunang tadzkir ngabuang ta’nits meunang syarat
opat tinu sapuluh.